
- Bagja temen jalma takwa, iman ka Alloh Ta’ala,
anu teu kendat wiridan, nyebat asmaning Pangeran.
- Bagja temen jalma mu’min, anu iman hakul yakin,
nu mampuh ngajaga diri, hirupna boga kadali.
- Mampuh ngadalian napsu, hirupna henteu kalangsu,
napsu lahir napsu batin, kadalina takwa mu’min.
- Jalma anu iman takwa, bakal lenggah di sawarga, dirahmat ku Nu Kawasa, bagja teuing ahli sorga.
Sunda Net