Kamis, 18 Agustus 2011

SAWARGA




  • Bagja temen jalma takwa, iman ka Alloh Ta’ala,

    anu teu kendat wiridan, nyebat asmaning Pangeran.

  • Bagja temen jalma mu’min, anu iman hakul yakin,

    nu mampuh ngajaga diri, hirupna boga kadali.

  • Mampuh ngadalian napsu, hirupna henteu kalangsu,

    napsu lahir napsu batin, kadalina takwa mu’min.

  • Jalma anu iman takwa, bakal lenggah di sawarga, dirahmat ku Nu Kawasa, bagja teuing ahli sorga.

Sunda Net